Basa Sunda Kelas 6 - PDF Flipbook

Basa Sunda Kelas 6-2014

101 Views
51 Downloads
PDF 48,890,188 Bytes

Download as PDF

REPORT DMCA


DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA

Pikeun Murid SD/MI Kelas VI
KURIKULUM 2013

VI

Pamekar Diajar

BASA SUNDA

Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu
buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah
dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah.
Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy
disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

PANYUSUN:
Tatang Sumarsono

Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat

Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H. Yayat Sudaryat

Risnawati

PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri

Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto

Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar
Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar

Rarancang Gambar: Toto

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3
Aksara ngagunakeun Arial 12 pt - 18 pt.

Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-00-8 (Jilid Lengkap)
978-602-1300-06-0 (Jilid 6)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

Pangbagéa

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud,
enggoning nyaosan impleméntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian
lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di
Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun téh aya dua rupi buku nyaéta buku murid
sareng buku guru. Éta téh mangrupa bagian tina pakét Kurikulum Daerah,
hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daérah, dumasar kana
Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami
diwincik deui, sanés mung buku wungkul bagian éta Permendikbud téh,
tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD),
silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013,
hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah
di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng
udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daérah,
dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tétéla, boh unsur sikepna
(attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun
katut karancagéan (performance; behavior). Singgetna mah éta unsur
anu tilu téh bisa disebut kompeténsi.

Kalungguhan guru dina posisi agén parobahan utama enggoning
ngaimpleméntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji
hipotésis basajan, saupami guru kagungan kompeténsi anu nohonan
pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gé kalebet guru basa daérah deuih,
tinangtos éta kurikulum bakal tiasa diimpleméntasikeun kalawan merenah.

iii

Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompeténsi guru
téh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarékah
anu kedah kénging pangajén.

Muga-muga waé harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan
anu tétéla dina dunya atikan ku diimpleméntasikeunana Kurikulum 2013
téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina
taun 2045 nu badé dongkap.

.
Bandung, Desember 2013
Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP. 19570807 198601 1 001

iv

Pangbagéa

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo
sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu
diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng
Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan
anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: standar
kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian.
Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna
guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/
MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda,
sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12
jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di
Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana
tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-
pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi
dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran,
sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid
atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku
ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké
pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana
karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng
penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

v

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik,
26 Maret 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra
Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti
eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun
2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya,
tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa
jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé
sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan
di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku
margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur
kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados
tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013
Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.
Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014

vi

Panganteur

Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa
Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi
buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku,
hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi
ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid
SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid
anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya
ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep
kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat
jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa
Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan
kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar
basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di
sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé.
Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa
Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang
bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho
jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya
Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian
ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun
hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya
babari atuh. Jaba deuih resep.

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo
deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang
Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa
seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah

vii

urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/
Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.
Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda
lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda,
atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa
Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran
kasenian Sunda.

Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa
sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh.
Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih.

Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....
Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku

viii

Daptar Eusi

PANGBAGÉA:

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ....................................... iii
v
Kepala Balai Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan

Provinsi Jawa Barat .................................................................

PANGANTEUR ............................................................................ iii

PANGAJARAN 1: NYALAMETKEUN MAHLUK PAPADA 1
CICIPTAN ALLOH ........................................... 2
A. Maca Jero Haté........................................ 4
B. Ngajawab Pertanyaan .............................. 4
C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap.............. 5
D. Ngaringkeskeun Bacaan .......................... 5
E. Ngalarapkeun Paribasa ............................ 5
F. Nyaritakeun Eusi Bacaan ......................... 7
G. Mikaweruh Kecap Sangaran..................... 8
H. Ngawih ..................................................... 11
I. Maca Dongéng ......................................... 13
15
J. Nyaritakeun ....................................................................................
K. Ngaregepkeun................................................................................

PANGAJARAN 2: KAHIRUPAN TURTA NYAAH BUMÉLA 17
KA LEMAH CAI ............................................... 18
A. Ngaregepkeun Pupuh Durma................... 18
B. Ngajawab Pertanyaan............................... 19
C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah............. 20
D. Ngabandingkeun Pupuh jeung Kawih ....... 23
E. Nembangkeun Pupuh tina Wawacan ........ 25
F. Maca Jero Haté ........................................ 28
G. Migawé Pancén ........................................

PANGAJARAN 3: TOKOH NU MANGGIHKEUN .......................... 29
A. Maca Jero Haté ........................................ 30
B. Ngalisankeun Jawaban ............................. 31
C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap .............. 32
D. Ngaringkes Bacaan................................... 32
E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan................... 32
F. Ngabandingkeun Wangun /di/, /ka/ dina
Kalimah ..................................................... 33
G. Ngalisankeun Sora.................................... 34
H. Maca Ngajembaran................................... 36

ix

I. Nulis Sajak ........................................................................................ 38
J. Ngadéklamasikeun Sajak .................................................................. 39
K. Nyaritakeun Deui............................................................................... 40
L. Maca Ngeuyeuban Pangajaran ......................................................... 43

PANGAJARAN 4: PANGARUH GLOBALISASI ........................... 45
A. Maca Jero Haté ........................................ 46
B. Ngajawab Pertanyaan............................... 48
C. Ngalarapkeun Kecap ................................ 48
D. Maca Jero Haté ........................................ 49
É. Nyaritakeun Deui ...................................... 51
F. Néangan Harti Kecap................................ 52
G. Maca Ngajembaran................................... 54

PANGAJARAN 5: WIRAUSAHA ................................................... 57
A. Maca Jero Haté ........................................ 58
B. Ngajawab Pertanyaan............................... 59
C. Néangan Harti Kamus............................... 60
D. Ngalarapkeun Kecap Sawanda................. 61
E. Kecap tina Basa Arab ............................... 62
F. Maca Ngajembaran .................................. 62
G. Carita Narasi jeung Déskripsi.................... 63
H. Maca Sajak ............................................... 65
I. Maca Jero Haté ........................................ 67
F. Migawé Pancén ........................................ 70

PANGAJARAN 6: MIARA KASÉHATAN MASARAKAT ................. 71
A. Ngaregepkeun Biantara ............................ 72
B. Ngajawab Pertanyaan............................... 74
C. Migawé Pancén ....................................... 75
D. Ngabédakeun Biantara jeung Ceramah .... 75
E. Nepikeun Biantara .................................... 76
F. Nulis Biantara ........................................... 78
G. Ngajembaran Kaweruh Biantara ............... 81
H. Ngahariringkeun Kawih ............................. 82
I. Nembang jeung Ngahariring ..................... 84
J. Migawé Pancén Ahir ................................. 85

DAPTAR PUSTAKA ............................................................. 86

x

PAN GAJAR NYALAMETKEUN
MAHLUK PAPADA
AN CICIPTAN ALLOH

Sumber: infofaunadunia.blogspot.com

A. Maca Jero Haté

Urang téh kudu akur jeung papada mahluk, sabab papada ciciptan
Alloh.

Geura urang baca Ieu di handap.

Penyu Héjo

Sumber: sentanaonline.com

Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh
geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung
dinosaurus.

Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap.
Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat
nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé.

Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang
rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan.

Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta
penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu
balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan.

Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna
2,75 m, beuratna 600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna
ukur 50 kg. Anu pangmindengna kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina
tutuwuhan jeung sato laleutik.

2 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Sumber: id.wikipedia.org

Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah, kiwati téh geus méh
tumpur. Éta téh lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak.
Upamana anak penyu kajaring ku pamayang (nelayan) atawa diala,
terus diawétkeun, dijual keur kenang-kenangan.

Di basisir pakidulan Jawa Barat sok aya kénéh nu ngala endog
penyu keur jualeun, atawa keur konsumsi. Dina sakali ngendog aya
150-na. Tapi, ku sabab mindeng dicokotan lila-lila mah béak.

Keur “pelestarian” penyu héjo hususna, sangkan penyu teu
tumpur di sababaraha tempat di basisir laut kidul :di Batukaras, di
Pangandaran, di Pangumbahan, di Cikepuh, kitu deui di Parigi geus
diadegkeun Kelompok Penangkaran Biota Laut (KPBL). Éta kelompok
téh ti taun 1983, geus ngamimitian programna di wilayahna. Kagiatan
para anggotana ngumpulkeun endog penyu mapay-mapay basisir ti
mimiti Batu Hiu nepi ka Bojong Salaut, saban tabuh sabelas peuting.

(Diropéa tina WWF Indonésia – Green

Wikipedia,Parigi (harapanrakyat.com)

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 3

B. Ngajawab Pertanyaan

Sanggeus maca wacana "Penyu Héjo", jawab pertanyaan ieu di
handap!

1. Rék naon penyu mucunghul ka luhureun beungeut cai?
2. Naon nu nyababkeun penyu teu tulus ngendogna di basisir?
3. Kumaha sikep hidep mun hiji waktu ningali anak penyu kajaring

ku nelayan?
4. Salian ti penyu, naon deui sato nu geus langka di urang?
5. Kumaha tarékahna sangkan sasatoan nu ditataan ku hidep teu

tumpur?
6. Kumaha pamanggih hidep mun nempo aya nu miara penyu nu

dilindungi téa?
7. Naon maksud “kahirupan penyu geus krisis”?
8. Naon sababna krisis?

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

Téangan harti kecap ieu dina kamus, pék diskusikeun jeung
babaturan!

1. batok 6. ngalalana
2. caang 7. nyelang
3. disorong 8. tingarugil
4. mumbul 9. basisir
5. muru 10. tumpur

4 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

D. Ngaringkeskeun Bacaan

Pék ringkeskeun eusi tina bacaan “Penyu Héjo” di luhur!

E. Ngalarapkeun Paribasa

Tengetan ieu kalimah!

• Anak kuya diwadahan kana batok.
Kecap batok aya dina paribasa:

• Rumasa kuring mah kurung batok
Kurung batok, hartina, teu kungsi indit ka nu jauh,
tetep di lemburna.

Ieu di handap aya paribasa, pék larapkeun dina kalimah!

1. Nyiuk cai ku ayakan = migawé laku nu moal aya
hasilna.

2. Sapu nyéré pegat simpay = paturay, asal babarengan lila
tuluy papisah.

3. Legok tapak genténg kadék = loba pangalaman.

4. Adat ka kurung ku iga = adat téh hésé digantina.

5. Aya jalan komo meuntas = eukeur mah aya maksud turug-
turug aya pijalaneunana.

F. Nyaritakeun Eusi Bacaan

Ieu aya deui bacaan ngeunaan sasatoan nu ditangtayungan.
Hayu urang baca! Sanggeus dibaca, pék caritakeun eusina ku hideup
di hareupeun kelas maké basa sorangan!

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 5

Jalak Bali Rék Tumpur di Habitat Aslina

Jalak Bali atawa Curik Bali téh
nyaéta manuk nu panjangna 25 cm.
Manuk nu resep disada. Warna buluna
bodas, mangrupa sato nu hirupna
matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di
Pulo Bali beulah kulon. Ieu manuk téh
minangka sato éndemik Pulo Bali nu
masih aya, sanggeus maung (harimau)
Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti
taun 1991, sato nu kagolong kana
katégori “kritis” téh digolongkeun jadi
“fauna idéntitas” (maskot) di Provinsi
Bali.

Dr. Baron Stressmann, ahli sato Sumber: animaliworld.blogspot.com
manuk urang Inggris nu pangheulana manggihan jalak Bali dina tanggal
24 Maret 1911.

Manuk Jalak Bali babari katangén da boga ciri-ciri husus, saperti
buluna bodas di sakujur awakna. Kajaba, tungtung buntutna jeung
jangjangna warna hideung. Pipina mah taya buluan, warnana biru,
sukuna warna abu-abu. Manuk jalu jeung bikang téh sarupa.

Jalak Bali méh tumpur, béak. Nu masih kénéh bisa hirup di alam
habitat asli ukur wewelasan baé.

Ku kituna, Jalak Bali dilarang didagangkeun. Kajaba, manuk hasil
usaha ngendogkeun, nganakkeun (penangkaran) ti turunan katilu. Jadi
lain ti tempat hirupna di leuweung.

Supaya Jalak Bali teu tumpur, geus diayakeun pusat “penangkaran”,
nu salah sahijina tempatna di Buléléng Bali ti taun 1995. Kitu deui,
di unggal kebon binatang di sakuliah dunya ngayakeun program
“penangakaran” Jalak Bali.

(Diropéa tina “Jalak Bali Nyaris Punah di

Habitat Asli”, Alamendah Blog )

6 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

G. Mikaweruh Kecap Sangaran

Dina bacaan saméméhna aya kecap jalak, anu nuduhkeun ngaran
manuk. Kecap jalak téh tumerap ogé dina sesebutan jalak harupat.
Jalak harupat téh hartina hayam anu alus aduna, warna buluna semu
héjo. Pék baca ieu kalimah di handap!

• R. Oto Iskandar Dinata anu boga jujuluk Si Jalak Harupat téh
kaasup pahlawan nasional.

Harti si jalak harupat dina éta kalimah mah nyaéta lalandian atawa
sesebutan ka R. Oto Iskandar Dinata lantaran gedé wawanén dina
nanjeurkeun bebeneran.

Dina kalimah ieu di handap aya kecap-kecap nu sarua wangunna,
tapi hartina béda. Tengetan harti kecap nu dicitak miring dina ieu
kalimah!
1. a. Méméh asup ka lapangan badminton téh, bébéja heula ka

petugas jaga.
b. Jaga mah ieu tempat téh bakal kakeueum ku bendungan.

2. a. Lahan tanah téh teu acan pajeng diicalna.
b. Bu Guru nganggo pajeng ka sakola.

3. a. Kelas 6 teu jadi piknik ka Dupan téh.
b. Pelak suuk di kebon sakola geus jadi.

4. a. Murid-murid keur maca buku dongéng.
b. Penjaga sakola keur motong awi palebah bukuna.

5. a. Ukur, lapang poli téh sabaraha panjangna!
b. Sakolana ukur tamat SD.

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 7

Harti kecap:
1. a. jaga = petugas pikét

b. jaga = waktu nu bakal datang
2. a. pajeng = payu

b. pajeng = payung
3. a. jadi = tuluy

b. jadi = tumuwuh
4. a. buku = kitab (sababaraha lambar kertas, dijilidan)

b. buku = sambungan antara dua ruas awi
5. a. ukur = ngukur pikeun nganyahokeun panjangna atawa legana

b. ukur = ngan, semet

Téangan ku hidep kecap-kecap saperti conto di luhur, terus
larapkeun dina kalimah.

H. Ngawih

1. Ngajembaran Pangajaran
Saméméhna geus dipedar ngeunaan Penyu Héjo jeung Jalak Bali,

dua sato anu méh tumpur. Upama hidep resep kana manuk, lain hartina
kudu ngandangan dina kurung. Keun sina disarada, sina resepeun
hiber jeung eunteup dina tangkal di buruan.

Ieu di handap aya kawih ngeunaan manuk. Hayu urang kawih-
keun!

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

8 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténgtang taya bandinganana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonésia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabéhna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria Sumber: fotohewan.blogspot.com
Keur sakumna bangsa di nagara Indonésia

(Tina: Kumpulan Lagu-lagu Daerah,
R.E. Rangkuti, dkk)

Téks rumpaka lagu "Manuk Dadali", diwangun ku sajak bébas.
Baca sing taliti!

Tugas hidep:
a. Kecap-kecap nu teu terang hartina téangan dina Kamus Umum

Basa Sunda, atawa kamus séjén
b. Tuliskeun deui eusi rumpaka lagu di luhur, maké kekecapan basa

sorangan dina wangun lancaran
c. Sabada réngsé, pariksakeun ka Ibu/Bapa Guru!

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 9

2. Ngajembaran Pangajaran Maca
Urang maca sajak ngeunaan sasatoan

Manuk Leutik dina Kurung

(Kénging: Ano K.)

Aya manuk dina régang
silih témbalan. Di buruan
geus caang. Susumputan dina daun
Mani récét. Taya nu ngaharu biru
Manuk piit, manuk kacamata.
Aya cangkurileung hiber ngabring
bari disada luhur suhunan

Sumber: sangkarburungsby.
blogspot.com

Sumber: simomot.com Aya manuk dina kurung
Uclak-aclok. Ngagantung

kurung dina gantungan
di buruan

Manuk leutik uclak-aclok
dina régang nyarumput
jeung macokan hileud

Manuk leutik uclak-aclok
noong langit tina kurung leutik

dicetrékan dihéotan

• Urang pesék heula harti kecap dina sajak, nya!
• Tingali dina Kamus Basa Sunda.

Regepkeun! Guru rék ngabahas kecap nu langkung jembar.

10 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Hayu urang ngajawab pertanyaan
1. Naon anu dicaritakeun dina éta sajak téh?
2. Naon nu dimaksud ‘di buruan geus caang’?
3. Nu kumaha ari nu disebut ‘taya nu ngaharu biru’ téh?
4. Kumaha pamanggih hidep mun ningali manuk nu hirup bebas

jeung manuk nu hirup di jero kurung?
5. Naon buktina yén hidep milu mikanyaah manuk?

I. Maca Dongéng

Urang maca dongéng sasatoan!

Sakadang Kuya Mamawa Imah

Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan,
aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku
tangkal nu ngajajar jadi pager.Gobras-gobras dicacar maké congkrang.
Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan
ku peda beureum, maké salam, séréh, bawang beureum. Teu lila kaam-
bung seungit.

“Ambu, asak liwet téh?” Pa Kuya ngagorowok.

“Asak, Bapa!”

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 11

Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.

Di pasir, kuya téh ngebon ngahuma. Talingtrim baé hirupna. Saka-
peung-kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.

Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. Gebrét
hujan gedé. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh duka
puting beliung. Angin téh ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian
kitu téh geus sababaraha kali. Puguh baé matak capé, matak rieut.
Tapi, Pa Kuya sok ngoméan deui-ngoméan deui imahna.

Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana
sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capé.

Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggé. Singhoréng sakadang
monyét, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun,
kumaha carana nyieun imah nu aman.

“Kieu wae atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah téh kudu nu bisa
dibabawa”.

“Dibawa kumaha?” Kuya ngarasa héran.

“Sok jieun imah sasoranganeun-sasoranganeun!”

Sanggeus kitu kuya nyieun imah dibantuan ku monyet.

imah geus anggeus.

“Terus kumaha?”

“Tah bagian hareup diliangan sasiraheun baé.Supaya, bisa ngelok
nyumputkeun sirah. Kitu deui, bisa nololkeun sirah. Jadi, bisa nolol
nempo ka luar, jeung bisa nyumputkeun sirah bari ngelok.

Sanajan mimitina mah ugal-ugil merenahkeun imah dina tonggong
téh, ahirna si kuya ngarasa aman ngagandong imah téh. Malah nepi ka
ayeuna. Salian ti sakadang kuya apan si penyu di laut ogé mamawa
imah.

Sakadang kuya, béak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang
monyet.

12 (Diropéa deui ku Eulisano tina kumpulan
dongéng sasatoan)

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Pedaran

Dina carita dongéng téh kapanggih Sakadang Monyét nulungan
Sakadang Kuya. Picontoeun keur urang apan, nya!

Bukti yén urang mikanyaah ka papada ciciptan Alloh téh di antarana
silih tulungan téa. Di antarana henteu ngaganggu kalestarianana. Kuya
téh apanan salah sahiji sato nu ku urang kudu dilindungi upaya teu
tumpur.

Aya sababaraha kecap nu perlu ditéangan hartina dina Kamus
Umum Basa Sunda, upamana:

1. congkrang 6. angina puyuh
2. huma 7. ngebon
3. musibah 8. ngoméan
4. ngagayot 9. papanggé
5. ngagandong 10. ranggon

Hidép bisa néangan deui dongéng ”Sakadang Kuya” nu séjénna.
Pek baé baca, lenyepan eusina atawa maksudna.

J. Nyaritakeun

Ieu di handap aya bacaan. Pék baca heula dina jero hate, tuluy
caritakeun deui di hareupeun babaturan.

Lutung Jawa

Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara
ilegal di hiji vila di desa Gununggeulis, Sukaraja,
Bogor, geus dievakuasi ku petugas Kepolisian
jeung Balai Besar Konservasi Sumber Daya
Alam Jawa Barat Bidang Wilayah Konservasi
I. Éta sakabéh sato téh rék dileupaskeun deui
ka habitat aslina. Upamana, lutung jawa rék
dileupaskeun di Bandung Kidul. Owa jawa di
Gunung Pangrango.

Sumber: animallabel.wordpress.com

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 13

Sasatoan anu diamankeun téh salian ti lutung jawa, nyaéta maung
sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu merak.

Éta sasatoan téh saméméh dileupaskeun ka habitat aslina rék
diréhabilitasi heula di pusat transit sato nu aya di Gadog.

Nurutkeun katerangan petugas konservasi, salian ti tujuh sato nu
tadi, aya deui dua sato nyaéta rusa totol jeung ligér. Tapi, dua sato
kasebut teu diamankeun ku patugas, alesanana éta dua sato téh lain
sato asli Indonesia. Rusa totol téh asli India, sedengkeun ligér teu jelas
identitasna.

(Disarungsum tina, Lutung Jawa Dilepas di Bandung,

Pikiran Rakyat, 30 Oktober 2013)

Urang ngajawab pertanyaan ieu, yu!

1. Naon baé ngaran sato nu dibawa (diamankeun) téh?
2. Naha dipiarana dianggap ilegal?
3. Naon panjangna singgetan BBKSD téh?
4. Pék sebutkeun sato naon deui nu teu meunang dipiara ku

masarakat téh!
5. Naha lutung jawa kudu dilindungi?

Pancén di imah

Jieun karangan narasi maké basa Sunda nu hadé, nu eusina
nyaritakeun tarékah usaha nyalametkeun mahluk supaya teu tumpur.
• Pék baé badamikeun/diskusikeun jeung batur sabangku
• Ménta saran ka Ibu/Bapa guru

3. Paribasa Apalkeuneun

Keur ngeuyeuban pangaweruh, ieu di handap aya paribasa anu
maké kcap sasatoan.

1. Ayakan tara meunang kancra (hartina: nu bodo jeung nu pinter
moal sarua darajatna jeung panghasilanana)

2. Anak merak kukuncungan (hartina: sipat-sipat nu aya di anak,
babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna)

3. Paanteur-anteur julang (hartina: silih anteur maké aya dua tilu
kalina)

14 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

4. Sentak badakeun (hartina: teu cééhan dina digawé. Dina mimitina
mah kacida getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna
pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan)

5. Ngabuntut bangkong (hartina: ku lantaran teu pati nyaho kana
perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana)

6. Banténg ngamuk, gajah meta (hartina: naon baé atawa saha baé
anu dipikasieun ku urang)

7. Kawas lauk asup kana bubu (hartina: gampang meunangna jeung
asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé beleke kaluarna jeung
ngejagkeunana éta pagawéan)

8. Buluan belut, jangjangan oray (hartina: pamohalan kajadian)
9. Jaman cacing dua saduit (hartina: baheula pisan)
10. Cara gaang katincak (hartina: anu tadina ramé kacida, ayeuna

mah jempling pisan)

4. Nyieun Kalimah Maké Paribasa

Jieun ku hidep kalimah maké paribasa lenyepan heula hartina.
Mun geus réngsé, pék lisankeun di hareupeun kelas.

K. Ngaregepkeun

Ieu di handap aya bacaan. Pék baca bedaskeun ku salasaurang!
Murid séjénna ngaregepkeun!

Wapalla “Pikiran Rakyat”
Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu

Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla)
Harian Umum Pikiran Rakyat ngaleupaskeun 1000 tukik di basisir
Pangumbahan, Ujung Genténg, Sukabumi, poé Saptu, 9 Novémber
2013. Bakti sosial ieu téh témana “Love sea turtle, love earth” minangka
pangrojong kana konservasi penyu héjo (chelonia mydas), di laut
pakidulan Sukabumi. Éta kagiatan téh diiluan ku kurang leuwih saratus
karyawan koran Pikiran Rakyat.

Tukik atawa bayi penyu téh kaluar tingarugil tina liang penetasan nu
dikokolakeun ku Dinas Kelautan dan Perikanan Kabupaten Sukabumi,

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 15

UPTD Konservasi Pangumbahan. Anak penyu téh dileupaskeun
pasosoré dina wanci panonpoé surup.

“Tugas konservasi penyu laut téh saenyana mangrupa tugas
saréréa. Ka singsaha anu maliré, boh sacara pribadi, boh sacara
organisasi, geus lain deui anu sipatna kalangenan (hobi) tapi kudu
geus jadi kawajiban.

Direktur Bisnis Pikiran Rakyat, ngarojong pisan konservasi penyu
jeung deuih ngajak ka masarakat ka sakumna organisasi supaya milu
aktif ngajaga lumangsungna kahirupan penyu.

Nurutkeun ketua Wapalla, kagiatan bakti sosial téh dina raraga
miéling Hari Pahlawan 10 November. Nu kasebut pahlawan Indonesia
téh kaasup ogé jalma-jalma anu miroséa tur ngajaga lingkungan.

(Disarungsum tina: bacaan Wapalla “PR” Melepas Seribu Bayi Penyu,

Pikiran Rakyat, 11 November 2013)

Bacaan di luhur téh pikeun ngeuyeuban pangaweruh hidep.
Saméméhna, geus aya carita penyu. Tétéla nu nyaraah kana penyu
téh, salian ti sacara individu aya ogé ti organisasi perusahaan.

Ngajawab Pertanyaan

1. Pék sebutkeun ku hidep salian ti sacara pribadi, organisasi naon
baé nu miroséa kana penyu téh?

2. Naon alesanana sato-sato peusing (trenggiling), heulang, kérak,
jalak, jeung rupa-rupa manuk teu meunang dipiara dikurungan ku
masarakat sacara pribadi?

3. Naon kagiatan nu dipigawé ku Wapalla téh?
4. Kumaha pamanggih ketua Wapalla nu disebut pahlawan téh?
5. Kagiatan masarakat basisir sok kaperego ngarala endog penyu.

kumaha pamanggih hidep kana éta laku masarakat téh?

16 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

PAN GAJAR KAHIRUPAN
TURTA NYAAH
AN
BUMÉLA KA
LEMAH CAI

Sumber: lembagakeris.net

A. Ngaregepkeun Pupuh Durma

Ibu/Bapa Guru badé nembangkeun pupuh durma. Pék regepkeun
ku hidep, tuluy tembangkeun babarengan!

Durma Buméla ka Lemah Cai

saréréa urang téh kudu sayaga
ngajaga lemah cai
ti nu niat jahat
nagara jadi teu aman
rayatna jadi teu tingtrim
jiwa ragana
ulah jadi karisi

masarakat sadaya ngarasa aman

lingkungan sepi paling

sauyunan pisan

ngajaga kaamanan

ningtrimkeun raga jeung batin

béla nagara Sumber: blog.ub.ac.id
ngariksa lemah cai

(Kénging: Ano Karsana)

B. Ngajawab Pertanyaan

Pikeun maham eusi pupuh, pék jawab pertanyaan ieu di handap!
1. Saha nu dimaksud “saréréa” dina rumpaka pupuh durma téh?
2. Naon nu dimaksud saréréa urang kudu sayaga?
3. Naon nu dimaksud lemah cai téh?
4. Naha urang kudu ngajaga lemah cai?
5. Kumaha carana urang ngajaga lemah cai téh?

18 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

6. Nurutkeun pamadegan hidep, saha baé nu rék niat jahat ka lemah
cai téh?

7. Naon maksudna ”masarakat sepi paling” dina pada kadua?

8. Sebutkeun amanat eusi pupuh durma Buméla ka Lemah Cai!

Cangkem harti kecap ieu di handap. Pék jieun kalimah!

sayaga = sayogi (lemesna), sadia

tingtrim = rasa aman, tenang

raga = awak atawa badan

karisi = kasieun aya kajadian nu ngabahayakeun

béla = daék nulungan batur tina kasusah kalawan ihlas

ngariksa = ngajaga

C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah

Pék tengetan rarangkén tengah ieu di handap!

Rarangkén tengah –um-, -al-,-in-, ar-

Urang nengetan deui kecap dina kalimah ieu di handap!
• Buméla ka lemah cai

kecap buméla téh asal kecapna béla, ditambah rarangkén tengah
-um-, jadi buméla.

• Loba kaom ibu lalieur mikiran harga balanjaan nu beuki marahal
Kecap lalieur, asal kecapna lieur, ditambah rarangkén tengah
–al-, jadi lalieur.

• Bukti tinulis geus kapanggih, dina jaman prasejarah jalma harita
geus bisa nyieun barang tina taneuh.
Kecap tinulis, asal kecapna tulis, ditambah sisipan –in-, jadi
tinulis.

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 19

Pék baé hidep nyieun deui conto séjén nu maké rarangkén tengah:
-um-, -al-,jeung –in-. Terus éta kecap téh jieun kalimahna, lisankeun
baé ka babaturan

D. Ngabandingkeun Pupuh jeung Kawih

Pupuh jeung kawih téh duanana kagolong kana wangun ugeran
(puisi).Najan kitu, aya bédana.Ayeuna urang ngabandingkeun antara
pupuh jeung kawih.

Sanggeus merhatikeun wacana “Durma Buméla ka Lemah Cai”,
urang bisa nengetan geuning wangun bacaanana téh teu sarua jeung
wangun bacaan dongéng, carita pondok (narasi ).

Wangun durma mah kauger (kawatesanan) ku ayana jajaran
(padalisan), sora tungtung unggal jajaran (guru lagu), jeung jumlah
engang (suku kata) unggal jajaran sarta jumlah padalisan unggal pada
(bait).

Tah wangun nu kitu mah kaasup wangun pupuh. Ngaran pupuhna,
nyaéta pupuh Durma.

Tengetan deui!

sa-ré-ré-a u-rang téh ku-du sa-ya-ga = 12a

nga-ja-ga le-mah ca-I = 7i

ti nu ni-at ja-hat = 6a

na-ga-ra ja-di teu a-man = 8a

ra-yat-na ja-di teu ting-trim = 8i

ji-wa ra-ga-na = 5a

u-lah ja-di ka-ri-si = 7I

20 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Pék tengetan ku hidep rumpaka kawih ieu!

Karatagan Pahlawan

(Karya: Mang Koko)

1. Teu honcéwang (teu ringrang)
Sumoréang (hariwang)
Tékadna Pahlawan bangsa
(pahlawan) Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcéwang)
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas réla keur korban merdéka

2. Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

Nilik kana cara nuliskeunana, rumpaka kawih jeung pupuh téh
sarua, ditulis dina wangun pada (bait), disebutna wangun sajak. Dina
rumpaka kawih mindeng kapanggih dina unggal padalisanna sok aya
nu mola 8 engang. Tapi, lain hartina kudu kitu.Tah, rumpaka kawih mah
wangunna téh sajak bébas. Bébas dina nangtukeun jumlah padalisan
(jajaran) dina sapadana. Unggal padalisan bébas rék sabaraha jumlah

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 21

engangna, maksudna bébas teu kauger ku guru wilangan. Pon kitu deui
unggal tungtung padalisan teu kauger ku guru lagu. Éta mah kumaha
nu nyipta lagu baé. Rumpaka lagu kawih mah sok dijieun husus baé
diniatan keur kawih.

Lamun hidep rék nyieun pupuh durma, kinanti, atawa pupuh nu
lianna, teu bisa sakarepna nyusun padalisan kumaha kahayang hidep.
Tapi kudu nurutkeun aturanana dina unggal pupuh. Sabab, pupuh mah
geus aya patokanana (aturanana), maké guru lagu guru wilangan,
geus tangtu jumlah padalisan dina unggal padana.

1. Urang ngabandingkeun pupuh jeung kawih

Ngabandingkeun hal wangun (bentuk) sarta eusi pupuh durma
jeung rumpaka kawih

Pupuh Kawih

Wangun Wangun

1. Diwangun ku pada (bait) 1. Jumlah pada (bait)
anu geus tangtu jumlah teu ditangtukeun kudu
padalisanna (jajaran) sabaraha-sabarahana

2. Unggal tungtung padalisan 2. Jumlah jajaranana teu
geus tangtu sorana (guru ditangtukeun kudu
laguna) sabaraha-sabarahana

3. Unggal padalisan geus 3. Unggal padalisan teu
tangtu jumlah engangna ditangtukeun jumlah
(guru wilangan) engangna (guru
wilanganana)

Sanggeus ngabandingkeun pupuh jeung kawih, hidep bisa
nyindekkeun kieu.

a. Wangun pupuh kumaha, wangun kawih kumaha

b. Eusi nu dicaritakeun dina pupuh kumaha, eusi nu dicaritakeun
dina kawih kumaha

22 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

2. Diskusikeun jeung batur sabangku!

Baca deui pupuh durma “Buméla ka Lemah Cai, jeung kawih
“Karatagan Pahlawan”. Pék tembangkeun Pupuh Durma, tuluy kawih-
keun Karatagan Pahlawan!

Tugas: nyorangan (individu) dijieun di imah

1. Jieun sapada pupuh durma. Témana, kumaha hidep baé.
2. Jieun sajak bébas, sajudul. Témana, kumaha hidep baé.

E. Nembangkeun Pupuh tina Wawacan

Saméméhna hidep geus maca durma ‘Buméla ka Lemah Cai’, éta
bacaan téh diwangun ku salahsahiji pupuh, tina 17 pupuh. Kitu deui,
hidep ogé geus bisa nembangkeun rupa-rupa pupuh nu geus diajarkeun
saméméhna.

Aya carita anu pondok anu diwangun ku hiji pupuh disebutna téh
guguritan. Aya deui carita anu panjang, anu diwangun ku rupa-rupa
pupuh, disebutna wawacan.

Ayeuna hayu urang nembangkeun pupuh!

Ratna Suminar Nepangan Déwi Pramanik

(Kinanti)

Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di
awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku
Sang Ajeng Ratna Putri.

Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar
cahayana, tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra bodas, di
tengah banjaransari.

Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Putri Mandrawati, Bibi tempat
naon éta, mana leuwih teuing resmi, kaya karang kalangenan,
tempat pelesir narpati

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 23

Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu acan tingali, enyaéta
nu kasebat, patapan Déwi Pramanik, masjid Binarum Kania, nu
cahyana tingkaretip.

Gamparan sumangga atuh, di ieung tong lami-lami, énggal
ngabujeng ka dinya, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal
waka, turun norojol teu pamit.

Gancangna anu dicatur, harita Déwi Pramanik, di beulah kalér
lenggahna, ngadéngé nu déhém tarik, sada-sada batuk kuda, teu
lami Déwi Pramanik.

Sang Déwi Pramanik nyaur, coba atuh sina linggih, ku putra
téh diantosan, Mandrawati henteu lami, belesat ka jomantara,
ngemban dawuhan Sang Déwi.

Teu lami Putri ngadangu, soara tan katingali, montong jadi
kasusahan, baris ngahormat Putri Jin, duméh sagala teu aya,
ayeuna ku Nyai gasik.

Déwi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nursajati seug
diudar, dikebutkeun diperedih, bari disebat ngaranna, éh jimat
Nursajati.

Nyi Mandrawati kacatur, geus tepang jeung Ratu Putri, dina kalang
méga bodas, Ratna Suminar teu lami, ka patih buta mariksa, coba
kula ménta warti.

Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nya galih, henteu
aya papadana, dumugi raosing Putri, ngalantung di pawenangan,
ngalincing di alam lahir.

24 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Nembé mendak bingah kitu, lir catur nimat sawargi, ku asal nampi
panyambat, angkiran Déwi Pramanik, bawaning ku lintang bingah,
teu kendat gumuyu manis.

(Dicutat tina Panyungsi Sastra, kaca 106-109)

Dina pangajaran ieu, hidep geus ngaregepkeun jeung maca: durma
‘Buméla ka Lemah Cai’ sarta rumpaka kawih ‘Karatagan Pahlawan’,

F. Maca Jero Haté

Saméméh ieu pangajaran, hidep geus mampuh maca durma
Buméla ka Lemah Cai, Ratna Suminar, jeung Karatagan Pahlawan.

Nu disebutan bieu téh aya nu diwangun ku pupuh nyaéta durma
Buméla ka Lemah Cai , kinanti Wawacan Ratna Suminar jeung kawih
karatagan Pahlawan. Éta tilu conto kaasup wangun anu kasengker ku
pada, jeung rumpaka.

Tah bacaan ieu di handap mah mangrupa basa lancaran (narasi)
carita kapahlawanan nu dilalakonkeun maké basa anu biasa ku hidep
dipaké nyarita sapopoé.

Jadi, téma kapahlawanan, jalma nu buméla ka lemah cai téh bisa
dilalakonkeun ku pupuh (guguritan, wawacan) , rumpaka kawih, sarta
bisa ogé dikedalkeun dina carita atawa narasi.

Ayeuna pék baca dina jero wacana ieu di handap!

Banténg Pasirmalang

(Karangan: Nanang Supriatna)

Baréng jeung nagri Belanda keur meumeujeuhna pésta,
méstakeun kawinna Ratu Wilhélmina ka Pangéran Héndrik, taun 1901,
perkebunan entéh Pasirmalang, Pangaléngan, Kabupatén Bandung,
eundeur. Lain pédah urang perkebunan milu saruka bungah, tapi ieu
mah pédah gudang perkebunan aya nu ngaduruk tepi ka béak jadi
lebu.

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 25

Tuan Besar, tangtuna ogé urang Belanda, nu ngaran van Téél, teu
wudu wera, ambekna méh teu kawadahan. Gancang ménta bantuan
ka tentara Belanda sina nalungtik saha-sahana nu kumawani ngaduruk
gudang perkebunan entéh. Tuan Besar nyangka ulon-ulonna lain urang
luar, tapi pagawé perkebunan.

Sangkaan Tuan Besar teu nyalahan. Teu sabaraha lilana tentara
Belanda nyangkalak opat urang nonoman pagawé perkebunan.
Opatanana geus ngaku ngaduruk gudang kalayan alesanana pédah
urang Belanda ngakaya buruh perkebunan. Buruhanana saeutik teu
saimbang jeung pagawéanana, sarta salawasna pinuh ku kasieun.

Anu opatan téh Éméd, Tasmin, Jamhari, Rasna, tiluanana urang
Pasirmalang, jeung Endut atawa Kardi, urang Majalaya. Opatanana
ditibanan hukum pati sarta diasupkeun kana buian rohang bawah
tanah. Luhurna ditutupan ku kai jati nu teuas jeung kandel. Méh taya
jalan keur kabur. Paling bisa ogé ngali torowongan, tapi pamohalan.

Najan geus diputuskeun kudu dihukum pati, tapi geus tilu kali
rék diéksékusi gagal waé, diengkékeun deui diengkékeun deui.
Lain nanaon indung Éméd téh tukang masak di imah Tuan Besar nu
pangdipikanyaahna, Tuan Besar karunyaeun ka indung Émed mun
kudu nempo anakna dihukum pati.

26 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Salila dikerem di rohang bawah tanah, Émed jeung batur-
baturna unggal poé dianteuran dahareun jeung cai keur nginum. Anu
nganteuranana jalmana éta-éta kénéh.

Ti nu sok nganteuran, opatanana apaleun sanajan éksékusina geus
tilu kali ditunda, hukuman pati moal tepi ka dibatalkeun. Opatanana bati
ngaheruk, geus teu boga daya jeung akal pikeun kabur. Ngan nu sok
nganteuran téh méré jalan sangkan papan jati nu nutup rohang bawah
tanahna dibobok.

Kumaha carana? Opatanana dibéré sabun. Cenah ulasan papan
jati téh ku sabun, terus korowot ku leungeun.

Sabada disabunan, papan jati nu sakitu teuasna téh ku ramo Éméd
mah siga nu uduheun. Sanggeus meunang sababaraha poé, ahirna
Éméd bisa nyieun liang nu sakira bisa asup awak. Taya nu nyahoeun
saurang ogé, kajaba nu sok nganteuran téa, tapi teu geruh.

Éméd henteu langsung nyieun liang, tapi ngipisan heula papan
jatina. Dina waktu rék ngaloloskeun diri, tengah peuting, karék papan
téh ditobroskeun. Pikeun naékna, opatanana numbu-numbukeun
sarung. Anu pangheulana naék téh Éméd ku cara dipunggu heula,
sanggeus aya di luhur sarung dicangreudkeun kana kai pageuh pisan.

Kalayan ati-ati, tiluanana saurang-saurang tingkalacat naék
mapay-mapay sarung. Sanggeus kabéh aya di luhur, opatanana
rerencepan kaluar ti perkebunan. Opatanana paburencay. Éméd
terus lumpat ka wewengkon Ciséwu, sarta nyumput di guha nu aya di
satukangeun Curug Cikawung, nu kiwari mah asup ka wilayah Désa
Girimukti, Kacamatan Ciséwu.

Lila ti lila, ngarasa taya nu nyusul-nyusul, Éméd wanieun asup ka
pilemburan. Ku sabab taya tanda-tanda Belanda ngeprik mata-mata
keur néangan Éméd sabatur-batur, sanggeus sababaraha bulan cicing
di guha, Éméd nyieun imah di Pasiripis nu ayeuna mah kabawah ka
Ciséwu.

Di Pasiripis muka padépokan lantaran nu hayang diajar penca teu
sirikna merul. Ka urang dinya, Éméd henteu balaka saha-sahana.

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 27

Hiji waktu aya nu ngajak tarung ngadu jajatén, ngaranna Aditama.
Duanana sapamadegan, penca téh mageuhkeun duduluran. Tarung
dilaksanakeun di buruan imah, taya nu nyaksian. Aditama éléh.Éméd
balik ka Pasirmalang, digawé deui di perkebunan jadi pingpinan
kaamanan perkebunan.

(Diropéa tina Galura, edisi I,11 Oktober 2013)

Nyieun Ringkesan

Jieun ringkesan carita maké basa hidep rorangan.Pék lisankeun
di hareupeun kelas.

G. Migawé Pancén

Pék tengetan heula naon pancén hidep téh.
• Jieun sapada pupuh durma. Témana, kumaha hidep baé.
• Jieun sajak bébas, sajudul. Témana , kumaha hidep baé.
• Tugas nyorangan (individu) dijieun di imah baé.

28 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

PAN GAJAR TOKOH NU
MANGGIHKEUN
AN

Sumber:nasional.news.viva.co.id

A. Maca Jero Haté

Pék baca ieu wacana!

Imah Awi Jatnika

Sumber: properti.kompas.com

“Kahirupan masarakat Indonesia, babakuna urang Sunda, teu bisa
jauh tina budaya awi, ti mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi ka-
daharan. Aya 105 spésiés éndemik asli awi nu kapanggih di Indonesia,
95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan hanjakal, can réa masarakat
nu bener-bener sadar kana pentingna awi, buktina méh 1.000 héktar
tangkal awi di Bogor dituar dina dangka lima taun katompérnakeun.”

Kitu numutkeun Jatnika Nanggamiharja. Jatnika téh kawéntar
minangka ahlina dina nyieun imah awi mah. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna
Jatnika geus ngawangun 3.000 leuwih imah awi. Aya 41 modél nu geus
dimekarkeunana, kabéhanana nyoko kana ciri wangunan tradisional
Jawa Barat. Hak ciptana geus meunang patén dina taun 2006. Taun
2009, Jatnika narima panglélér ti Ikatan Arsiték Indonésia minangka
nu pangréana nyieun imah awi tradisional.Ti taun 1995 nepi ka ayeuna
Jatnika kapeto jadi Ketua Yayasan Bambu Indonésia.

30 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Jatnika lahir di Cikidang, Sukabumi, 2 Oktober 1956. Sohor lain
ukur di sakuliah Nusantara. Imah awi buatanana geus jadi komoditas
ékspor. Di antarana Malaysia, Brunéi, jeung Arab Saudi nu jadi tujuan
éksporna téh. Lian ti imah, Jatnika ogé ngawangun pasantrén, masjid
jeung tajug tina awi deuih. Nu jadi impianana, imah awi téh jadi ikonna
Jawa Barat cenah.

Ti keur SD kénéh, Jatnika mah geus biasa nganyam awi keur
jualeun. Sabada tamat kuliah di Akademi Pimpinan Perusahaan
Jakarta taun 1981, Jatnika mimiti naratas bisnis imah awi. Usahana
tuluy nambahan mekar sabada ékspor munggaran ka Taiwan dina taun
1985.

Nu matak pikayungyuneun, sawaréh ladang usahana téh
dimangpaatkeun deuih keur program penghijauan. Jatnika melak awi
di sisi walungan Ciliwung, Cisadané, jeung Ciluwer. Malah di lemburna
mah, Jatnika melak 10 héktar leuwih awi di sisi walungan Cimandé.
Awi-awi nu dipelakna téh lain baé keur nyegah érosi, tapi leuwihna ti éta
dipiharep bisa méré karaharjaan keur masarakat sabudeureunana.

(Diropéatina majalah Cupumanik April 2011)

B. Ngalisankeun Jawaban

Pék jawab ku hidep pertanyaan ieu di handap!
1. Saha tokoh nu dicaritakeun téh?
2. Naha éta jalma disebut tokoh nu manggihkeun modél imah?
3. Di Jawa Barat loba kebon awi, geus dimangapaatkeun encan,

sarta naon buktina?
4. Masarakat Jawa Barat teu bisa jauh tina budaya awi, naha?
5. Naon tujuanana tokoh Jatnika melak awi di lemburna téh?
6. Kumaha karakter (watek) tokoh Jatnika téh?
7. Sebutkeun barang naon baé anu bisa dijieun tina awi!
8. Sebutkeun jenis-jenis alat kasenian nu dijieun tina awi!
9. Kumaha koméntar hidep kana éta bacaan?
10. Sebutkeun nu hidep terang tokoh-tokoh penemu lianna sarta naon

nu dipanggihkeunana!

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 31

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

Pék baé ku hidep diskusikeun ieu kecap-kecap téh!
1. babakuna
2. dituar
3. kapeto
4. katompérnakeun
5. kawentar
6. munggaran
7. naratas
8. nyoko
9. panglélér
10. patén

D. Ngaringkes Bacaan

Hidep geus maca bacaan nu judulna “Imah Awi Jatnika”.Éta
bacaan téh ukuranana panjang. Pék baca deui éta bacaan téh, tuluy
ringkeskeun maké kekecapan sorangan!

Ngarah gampang sebutan gagasan tina unggal paragraf.
Paragraf hiji nyaritakeun ……………………..
Paragraf dua nyaritakeun ……………………..
Paragraf tilu nyaritakeun ……………………..
Paragraf opat nyaritakeun ……………………..
Paragraf lima nyaritakeun ……………………..

E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan

Hidep tangtu saméméhna ogé geus diajar rupa-rupa kecap rajékan
téa. Tengetan deui ieu conto!
• Baku éta budak téh, unggal wayah kieu sok ceurik.

Babakuna mah sok diheureuyan ku lanceukna.

32 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

Kecap babakuna, asalna kecap baku. Terus, dirajék engang di
awal ditambah rarangkén ahir –na.

Baku babaku + na = babakuna

Conto séjén:
Tong dudupak atuh leumpang téh.

Kecap dudupak, asalna kecap dupak. Kecap dupak dirajék engang
awalna jadi dudupak.

Téangan deui dina koran atawa majalah, 10 nepi ka 20 kecap
mah kecap-kecap saperti conto di luhur. Sebutkeun harti kecapna!

F. Ngabandingkeun Wangun /di/, /ka/ dina Kalimah

1. Tengetan ieu kalimah,
a. Tangkal awi dituar ku bapa.
b. Tangkal awi aya di tukangeun imah.

Wangun /di/ dina kecap dituar, nulisna dihijikeun jeung kecap
hareupeunana, nuduhkeun kecap pagawéan, tuar.
Wangun /di/ dina kecap di tukangeun imah, nulisna misah jeung
kecap nu aya hareupeunana, nuduhkeun tempat atawa anu diang-
gap tempat, saperti kulon, wétan, kidul, kalér, handap, luhur, jeung
nu lianna.

2. Tengetan ieu kalimah
a. Murid-murid téh teu kabawa kabéh da mobilna leutik.
b. Murid-murid kelas 6 indit ka toko buku.

Wangun /ka/ dina kecap kabawa, nulisna dihijikeun jeung kecap
hareupeunana, nuduhkeun kecap pagawéan, bawa

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 33

Wangun /ka/ dina kecap ka toko, nulisna misah jeung kecap nu aya
hareupeunana, nuduhkeun tempat atawa anu dianggap tempat,
saperti kulon, wétan, kidul, kalér, handap, luhur, jeung nu lianna.

Pancén hidep
1. a. Jieun kecap nu maké wangun /di/ + kecap nu nuduhkeun

pagawéan
b. Jieun kecap nu maké wangun /di/ + kecap nu nuduhkeun

tempat

2. a. Jieun kecap nu maké wangun /ka/ + kecap nu nuduhkeun
pagawéan

b. Jieun kecap nu maké wangun /ka/ + kecap nu nuduhkeun
tempat

Nyieun Kalimah

• Kecap-kecap nu meunang nyieun tadi pék larapkeun kana
kalimah!

• Badamikeun jeung babaturan!
• Mun geus réngsé, pék lisankeun!

G. Ngalisankeun Sora

Ngalisankeun Sora /é/ jeung Sora /e/

Ngabédakeun sora /é/ jeung sora /e/ dina kecap jero kalimah.

Pék lisankeun sing béntés!
1. a. Kuring meuli kécap ti warung.

b. Kecap kuring dina kalimah di luhur, kecap lemesna abdi.
2. a. Awit ceurik diseureud éngang.

b. Kecap ceurik téh aya dua engang, ceu-rik.

34 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

3. a. Aki Dayan nuju moyan dina téras.
b. Badé teras ka mana?

4. a. Bébérkeun di nu panas baju téh!
b. Pék beber ku perban éta raheut téh!

5. a. Abdi mésér obat di apoték nganggo resép.
b. Resep téh piknik ka Pangandaran mah.

6. a. Maké pager séség supaya hayam téh teu bisa asup ka
kebon!

b. Geus maké tihang mah pager téh jadi seseg, moal sieun
runtuh.

7. a. Pun Paman mah godégna mani gomplok.
b. Basa dititah meuli martabak ogé, manéhna anggur godeg.

8. a. Tumpak kuda maké séla mah teu sieun labuh.
b. Patlot abdi ragrag kana sela korsi.

Dina kalimah-kalimah di luhur, aya kecap-kecap nu sora hurupna
diucapkeunana teu sarua, nyaéta /é/ jeung /e/. Katitén aya tanda nu
ngabédakeunana.

Nu maké tanda curek luhur hurupna, sorana kawas sora mun
nyebutkeun /béca/, /kéréték/

Pék tuliskeun! Ngaran sayur/ lalab nu aya
Ngaran tutumpakan nu aya hurup /e/an
hurup /é/an
Conto: wortel
Conto: béca

Pék tuliskeun kecap-kecap anu ngabogaan sora /é/ jeung /e/. 35
1. Pék ucapkeun éta kecap-kecap téh sing béntés!
2. Jieun kalimah maké éta kecap!

Conto: a. blék : Kurupuk diasupkeun kana blék.
b. blek : Blek, budak téh titeundeut!

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

H. Maca Ngajembaran

Baca sing gemet!

Sapatu Hibar Syahrul Gafur

Sumber: health.kompas.com

Kungsi aya berita, boh dina koran boh dina acara salah sahiji
televisi swasta. Eusi warta téh nyaéta dipanggihkeunana hiji modél
sapatu anu fungsina kacida pisan pentingna pikeun kasalametan.

Di masarakat beuki dieu téh beuki mahabu kajahatan. Kajahatanana
kayaning ‘penjambretan, penodongan, hipnotis, ngabius penumpang’.
Kitu deui, nu jail ngaganggu ka kaom wanita, boh dina angkot, boh
dina beus kota, atawa di jalan pasampangan. Mindeng kajadian kaom
wanita anu ditodong direbut perhiasanana, direbut HP-na, dijéwang
tasna. Malah aya nu dirogahala sagala.

Tah, jigana ku mindeng manggihan kajadian kawas kitu, boa deuih
, karandapan ku babaturanana, siswa SMP Negeri I Bogor anu umurna
kakara 14 taun téh, ngarasa melang. Kumaha mun éta kajadian tumiba
ka kulawargana. Éta budak, boga gagasan hayang nyalametkeun
papada jalma, hususna kaom wanita. Nya, manéhna mikir, janggélék
baé pilihan téh kana sapatu. Sapatu mah bisa langsung ditajongkeun
kana suku nu jahat. Tangtu baé kudu maké sapatu anu husus. Kacipta

36 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

kawasna, siswa anu ngaran Hibar téh terus konsultasi jeung guru
pembimbingna. Éta gagasan diwujudkeun dina sapatu anu dimodifikasi,
maké tegangan listrik 450W. Éta sapatu téh meunang sababaraha kali
percobaan.

Sapatu anti kekerasan hasil karya Hibar Syahrul Gafur (14 taun),
nyaéta siswa kelas VIII SMPN I Bogor téh diilukeun dina ajang kompetisi
“Sain Internasional Exhibition of Young Inventors (IEYI) 2013 di Kuala
Lumpur, Malaysia”. Malah hasilna ogé meunang medali emas pikeun
kategori Safeti and Health.

Babaturan sasakolana, umumna warga SMPN I Bogor kacida
bungaheunana. Saréréa milu reueus ku préstasina meunang medali
emas.

Kitu deui, Wakil Kepala SMPN I Bogor, Bapa Budiman BW
nyebutkeun, pangalaman Hibar ngajadikeun tumuwuhna sumanget
keur murid-murid séjénna geusan némbongkeun préstasina supaya teu
éléh ku bangsa séjén.

(Diropéa tina sumber internét)

Dina bacaan (1) “Imah Awi Jatnika”. Geus dipedar tokoh ngaran
Jatnika nu geus manggihkeun, nyiptakeun, modél imah pikeun ékspor
ka daérah jeung nagara séjén. Dina bacaan (2) tokoh nu ngaran
Hibar Syahrul Gafur (14 taun) geus manggihkeun, nyiptakeun sapatu
anti kekerasan, ”Safety and Health.” Dua barang ciptaan anu kacida
mangpaatna keur nu séjén.

Nyaritakeun Bacaan

Baca deui kalawan taliti carita sapatu téh!
a. Panggihkeun poko-poko caritana.
b. Jieun ringkesan carita dumasar kana poko-pokona, maké keke-

capan sorangan.
c. Geus réngsé, pék baca sing tartib .

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 37

I. Nulis Sajak

Ayeuna mah hayu urang nulis sajak maké cara manjangkeun
kecap nu dibéréndélkeun ka handap, upamana ngaran sorangan atawa
naon baé. Mun geus réngsé, tukeurkeun sajak nu urang téh jeung nu
babaturan. Pék lisankeun, resep geura!
Ieu ayeuna contona.

Basa Sunda

Basa Sunda basa daérah urang
Ayana di Propinsi Jawa Barat
Sering nu nyebut basa urang Priangan
Aya ogé nu maké di Cirebon jeung Banten

Saha baé kudu miara basana
Urang kudu ngarasa reueus
Nagara jadi beunghar budaya basana
Dina globalisasi, basa Sunda mageuhan idéntitas bangsa
Alhamdulillah, mugia tetep manggung di propinsina

Pancen mandiri, bisa dijieun di imah
Tulis sajak bébas ngeunaan ieu hal.

• Judulna, Imah atawa Sapatu( impleng, ciptakeun, tuluy tulis!)
• Wangun sajakna bébas, teu kauger ku jumlah jajaran, kumaha

kahayang atawa karep murid. Rék naon nu digambarkeun/dicarita-
keunana bébas.
• Kitu deui média basana bébas, Naon-naon nu rék digambarkeun/
dicaritakeun bisa maké kekecapan nu boga harti saujratna, harti
injeuman/gaya basa atawa babasan
• Baca keur babaturan sabangku, pék sina ngoméntaran
• Diskusikeun.

38 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

J. Ngadéklamasikeun Sajak

Ieu di handap aya sajak. Baca heula dina jero haté, tuluy apalkeun.
Geus kitu, pidangkeun di hareupeun babaturan hidep!

Panyawangan di Mumunggang Pasirpogor

Aya saung di mumunggang
nenggang di Pasirpogor

Panempo marabat ti lamping
pasir pinuh ku tutuwuhan

haréndong buahna ngaruntuy bungur
lampeni pucukna héjo.

kembang saliara ngajarumpluk rungkun
Aya tangkal bintinu di juru

Ruyuk kirompés kembangna bodas
Di lebak wahangan Cipalebuh caina

hérang taheuran timah, ditéang
di lebah kénca. Ditumbu lembur

Cikupa. Panempo nutur-nutur
walungan pungkal-péngkol ka hilir

anjog ka muara.
Dibagéa ombak laut. Tingarombak ngagulung

bodas budah mancawura di basisir
Ngembat-ngembat kawas rénda

mapay sisi nepi ka Sayang Heulang.
Di laut kulon Cilauteureun palabuhan lawas

ngajak eureun
Aya saung di mumunggang
Pasirpogor. Paragi ngumbar panempo

Nempo kaéndahan alam
imah-imah nu témbong ukur suhunan

Kasumputkeun ku tutuwuhan
Aya haseup nu ngelun tina durukan

Aya haseup ti dapur imah
Boa keur nyangu

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI 39

Aya saung di mumunggang Pasir
Paragi nyawang kaéndahan

Kaéndahan nu nyampak rampak
Satungtung paninggul
Marangkak na sanubari
Ti Yang Widi

(Kenging: Ano Karsana. Suaka Indah
Cimahi, 30 Oktober 2013)

Jawab pertanyaan ieu di handap!
1. Sebutkeun ngaran-ngaran tutuwuhan nu ditataan dina éta sajak!
2. Naon hartina ” saung di mumunggang Pasirpogor” téh?
3. Naha disebut saung panyawangan?
4. Naha wahangan Cipalebuh caina disebut kawas “taheuran

timah”?
5. Kumaha perasaan hidep mun nempo kaayaan alam kawas nu

diébréhkeun dina éta sajak?

Migawé Pancén!
1. Sabada maca sajak “Panyawangan Di Mumunggang Pasirpogor”,

tangtu aya kecap nu can dipikanyaho hartina ku hidep. Pék catet
tuluytéangan hartina dinaKamus Basa Sunda.
2. Pék éta sajak téh baca sababaraha balikan dina jero haté.Terus
baca bedaskeunsing bener lentongna luyu jeung eusina.

K. Nyaritakeun Deui

Ieu di handap aya bacaan. Pék baca heula dina jero haté, tuluy
caritakeun deui di hareupeun babaturan.

40 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI


Data Loading...